Atikan kasenian disakola
Anu pangheulana jadi pananya teh tangtuna oge: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh bae tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman.
Perkara isuk jaganing geto aya diantarana nu jadi seniman, eta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola teh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kreatif.
Ku ayana atikan kasenian, siswa oge dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan di lingkungan sosial budaya Indonesia. Jadi, atikan kasenian teh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu.
Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran sejenna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni sejenna. Perkara eta nuduhkeun yen naon rupa perkara oge bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.
Pamarentah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya).
Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya teh mibanda harti yen atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan sewang-sewangan. Lantaran bangsa Indonesia mibanda kabeungharan budaya, tangtu bae di saban wewengkon teh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta beda jeung seni budaya sejen.
Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda oge kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajen-inajen punjul, sarta boga ciri has sewang-sewangan.

Komentar
Posting Komentar